Biasana karinding dipaenkeun jeung pantun atawa celempung,toleat ditambah kuhaleuang buhun.
Dina nyieuna karinding nurutkeun kolot baheula ceunahmah teu sakadaek atawa sambarangan bahan anu sok dijieun karinding nyaeta palapah kawung anu jenisna nyaeta kawung apu atawa kawung bodas atawa deui lamun tina awi, awina nyaeta awi bitung, awi hideung, awi haur anu geus bener-bener kolot.
Ngala bahan pikeun dijieun karinding kudu pas usum hujan cilantrang, hujan cilantrang eta hartina hujan anu kadenge guruhna tapi cai hujanamah teu turun, tah dina waktu eta cocok pisan pikeun ngala bahan pikarindingeun, pitoleateun jeung picelempungeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar